Assalamualaikum Wr. Wb
Puju syukur urang sanggakeun
Assalamualaikum Wr. Wb
Puju syukur urang sanggakeun ka allah taalla mugia dina dinten ieu urang sadaya tiasa kempel sareng dipasihan rahmat, pitulung ti allah SWT
Para saderek anu dipikahormat,
Simkuring bade medalkeun perkawis pentingna di ajar bahasa sunda
Wirehna salaku urang sunda anu nyicingan lemah cai sorangan, urang wajib ngajaga bahasa sunda pikeun ulah nepi ka punah komo lobana bahasa anu ti luar anu matak loba mangaruhanna mah biasana ka popohokeun. Contona, zaman ayeuna ku ayana bahasa inggris jadi bahasa internasional teh jadi suatu kabanggaan nepiken ka bahasa sunda di popohokeun
Ku kituna naon atuh nu bisa jadi bahasa sunda janten langgeng ??
Nu kahiji urang ngabiasakeun nganggo bahasa sunda dina pilampah sapopoe boh bade emam, bade ibak, jeng sajabana.
Nu janteun sesahna bahasa sunda mah nganggo tarap-tarap. Urang bade nyarios ka sepuh, ka sasama, ka saluhureun aya bentenna, kukituna iraha bade tiasa upami teu di prakkeun sadidinteun.
Hayu ti ngawitan ayeuna urang sadaya di biasakeun cumarios bahasa sunda anu leres supados urang biasa
Mudah-mudahan aya manfaatna khususna kanggo abdi nyalira umumna kanggo urang sadaya.
Sakitu wae ti simkuring
Hapunten nu kasuhun bilih aya cariosan anu pondok nyogok panjang nyugak kana manah saderek sadaya
Wassalamualaikum Wr .Wb
Tidak ada komentar:
Posting Komentar